iket / totopong (simbol urang sunda)


Iket


Iket dijieunna tina kaén batik atawa kaén polos, gedéna 1 m2. Kaén satengah meter disebut satengah iket(dibeulah sacara diagonal), biasa disebut ''totopong'Motif anu biasa dipaké jang iket nya éta ''sida mukti''''manyingnyong''''batik kumeli''''batik kangkung'',''katuncar mawur''''kawung écé''''kalangkang ayakan''''seumat karuhun''''porod eurih'',''giringsing'', jsb[1]. Kaén polos anu dipaké jang iket nya éta kaén bodas anu biasa dipakéPuun di Banten, kaén biru kolot, sarta warna coklat salaku lambang kabasajanan. Ayeuna geus jarang pisan anu maké iket iwal di kampung. Di kota ngan saukur dipaké dina acara-acara anu tangtu jeung dina paméntasan calungréog atawa ogél. Dina basa sunda ayababasan caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Iket nya éta ngaran papakéanlalaki dina batik atawa baheula mah wulung atawa bodas warnana pikeun dibudeurkeun kanasirah nutupan buuk.

Rupa-rupa Iket

Rupa-rupa iket diantarana:
  • Perengkos nangka, basajan pisan jeung babari dipakéna ukur dibeulitkeun dina sirahbiasana dipaké ku kolot nalika keur rusuh. Wangunna siga bungkus nangka. DiBanten disebut baréngkos tapay bungkus peuyeum.
  • Barang-barang semplak biasana dipaké ku para jawara wangunna mirupa barangbang nu ngampléh. Culana jiga nu nutupan panonsarta bagian luhurna muka (nepi ka katémbong buuk).
  • Julang ngapak, dipaké ku kolot wanda iket anu mirupa jangjang manuk nu keur ngapak.
  • Porténg, biasana dipaké ku pamuda wangunna iket anu culana nangtung dihareup sarta tungtung kaénna digulungkeun ka tukang.
  • Talingkup biasana dipaké ku aki-aki,iket anu culana dina tarang sarta niungan panon. asal kecapna tina linkup (kanékés) nu hartina nutup. Talingkuh hartina bisa nutup.
  • Borongsong kéong atawa kékéongan,jang budak ngora wangunna mirupa kéong.
  • Udeng jang dipaké ku kolot biasana dipaké nalika acara resmi.
  • Kuda ngencar, dipaké ku jawara ngora wangunna culana di tukang, ngampléh ka handap tapi tuluy melengkung ka luhur[3].
  • Bungkus peuyeum biasana dipaké ku tukang macul.
  • Babalian, dipaké ku budak ngora.
  • Mamakasaran, dipaké ku para rumaja.
  • Kuda nyicir, dipaké ku budak ngora.
  • Iket raja atawa ksatria anu dipaké dina sandiwara.
  • Totopong, jang kolot anu diangap leuwih kasar tibatan udeng.

0 komentar:

Posting Komentar